Name : Dedi ependi
tinggal di bandung yang pasti orang sunda asli
dah punya istri Dian namanya dan dua anak, Ali dan Zahra
Hobby : baca, nonton, dengerin lagu
Bacaan kesukan apa aja yang penting masih bisa ke baca, komik juga…
film kesukaan laga, komedi, romantis juga suka asal jangan horor…ga deh..
Artis kesukaan Alanis moriessete dan Sherina
Makan kesukaan segala jenis kacang-kacangan tuh…
Ass. Wrb.
Meni asa mendak naon, seuri bari cirambayan ngaos banyolan di blog sunda, tos bulan ka opat abdi tebih ti keluarga, baraya sareng kota kembang tapi da tiap sasih oge uih ka Kalimantan kadang ka Bandung, ah pokonamah hidup persiblah, hidup Bandung……;oh ya, abdi di Hammerfest-Norwegia ngumbara milarian segenggam berlian, he….he…, nuhun pisaaaaaaaaan, Akang-akang mangrupikeun hiburan sareng ubar sono, mugia Allah maparin kasehatan n rezeki kaurang sadayana, amin.
Wass,
Dede
Ti daratan anu paling utara
salam kenal,,
#1. kang dede, tah geuning sakedap deui mulih ka bandungnya atanapi ka kalimantan… mugia lancar sagalana…
#2. salam kenal juga makasih ya dah main ke sini..
Salam ta’aruf,
Terima kasih sudah berkunjung ke blog infosyiah dan juga telah melinknya.
salam
wah kumaha yeuh urang sunda. main ka azzahra ciparay atuh. di antos.
salam kenal.
Ini yayang Biho yaaaa?
Waduh, sukur deh, sudah kembali. Hehehe.
Kalau salah.. Maap yaaa.. Maklum saya masih pemula.
Masih penjajakan kiri kanan di dunia maya ini.
Hehehe
salam kenal…kumaha kang kabarna? pangestu -hehe hoyong sundaan tapi mendadak hilap-
#1.buat azzahra palih mana ci jerahnanya… salam kenal oge…
#2.bang aip salah dong kita bukan kang biho tapi kita tetep teman kan…he…he..he…
#3.teh ninoy salam kenal oge… maenya urang garut hilap kana basa sunda…hatur nuhun tos rurumpaheun ninggalian blog sim kuring…
salam.
kang dedi kumaha damang, bingah tiasa berkunjung ka dieu. punteun tiasa di link ku abdi? hatur nuhun.
Moal komentar ngan ieumah aya maksad nyaeta:
Manawi gaduh dongeng Ciung Wanara, diantos.
Nuhun,
Dede
Kang Ded,
Kumargi si Aceuk sareng murangkalih parantos ngempel di Bandung, insya’Allah kaping 24 Juni ka Bandung, pidu’na kumargi perjalanan ampir 2 dinten sareng 5 kali gentos pesawat tangtos kacida capena tapi alhamdulillah upami tos dugi ka Cengkareng janten jagjag deui kulantaran bade nepangan si Aceuk tea,dimana tos rengse kontrak di norwegia akhir Oktober’07 ka Kalimantan deui, kadon ngobrol atuh pan nyuhunkeunna komentar!
ari sareng barayamah kedah bebas atuh, leres? Di Norway ayeuna nuju caang 24 jam salami 2 sasih, subhannallah Allah ngatur panon poe teu teuleum-teuleum, sementawis baraya di Indonesia masih tiasa ngaraoskeun wengi, haneut sareng pemandangan tapi didieu salamina tiris ngahodhod, dimana-mana batu sareng laut tangtos kalakumaha oge raos di lembur, sok sanaos hujan salju didieu langkung raos hujan cicis di nagri sorangan terutami di daerah cibiru hujan cicisna.
Da anu merenah sareng tumaninah mah hirup pas-passan, hoyong tuang pas aya tuangeun nana; hoyong ka Mall sareng meser bumi pas aya artosna; hoyong pelesir pas aya mobilna, satuju Kang Ded?
Hapunteun ah….., salam kenal kasadayana n salam baktos ka keluarga.
Wass,
Dede
Hammerfest-Norway at:01:22 Hrs
Punten teu acan tunduh, kumargi dina jandela katinggalna masih sonten keneh, padahal parantos tabuh hiji langkung opat puluh tilu parantos nincak kana waktos netepan subuh.
Manawi aya anu teu acan ngaos dongeng si Nini Edoh,hapunten bilih aya anu namina sami. wilujeung di aos, kieu dongengna teh:
Cek kolot cenah mah ari umur geus deukeut ka wanci Isya mah boro2 hayang “glamour” jeung “exotis” jiga budak ngora, hayangna teh ngahephep we dijero imah, sakapeung ngalawung nyawang pamandangan tina jandela, jeung deui benerna mah kuduna teh ngagedean ibadah da moal lila oge meureun cunduk ka waktu ninggang mangsa kudu balik ka asal, dititah mulang ka alam baka. Tapi ari nini Edoh mah beda pisan euy, sakitu aki Darham geus teu walakaya ge angger we ngagoda, sigana mah beger mindo anu ka 3 kalina tah nini Edoh….. arateul we katingalina teh…… Sakali mangsa nini Edoh hayang “digoromel” ku aki Darham, biwirna make gincu, buuk dibuntut kuda, terus luway liweuy gutak gitek hareupeun ki Darham….”Sugan we si aki Darham kabitaeun…..” cenah dina hatena….. Naaa atuh ki Darham kalah ngomong kieu : ” Cing atuh Edoh kalakuan teh, kawas budak ngora bae…..era atuh ku batur…. Anggur mah make jilbab geus nini2 mah kadituh..!!”. Kacida nini Edoh hanjeluna dipaido kitu teh. Tapi ku lantaran geus kacida pangsengna hayang sosonoan jeung ki Darham, nini Edoh neangan akal deui…..ayeuna mah make baju “lekbong” (kelek tembong) tea geuning (cek barudak ayeuna mah “yu ken si” tea, nya..!), piraku si aki teu kabitaeun mah……
Iiiiiihhhh….. angger we ki Darham kalah nyarekan…pajarkeun teh nini2 teu eling ka umur ….der make baju siga kitu…….
Karunya oge tah nini Edoh, da manehna oge rumasa teu pantes make baju kitu teh, ngan kumaha carana sangkan ki Darham “mesra” deui ka manehna…. Tungtungna mah geus beakkeun akal….hiji peuting mah nini Edoh teu make baju2 acan, lar liwat di hareupeun ki Darham bari gumeulis tea…. sugan teh ki Darham rek “karangsang”……. eeeehhh… ki Darham kalahka ngomong kieu : ” Edoh, ari maneh tara baleg wae make baju teh ??….. cing atuh ari baju can diistrika mah ulah dipake…mani karusut kitu…..istrika heula kadituh…..!!!!”. Dasar panon ki Darham geus lamur, kulit nini Edoh nu geus pareot disangka baju nu can diistrika………..Bakating ku nyeri hate tungtungna hiung weh nini Edoh ceurik bari lolongseran……..!!!
Sigana mah ieu teh dongeng masa depan keur urang sarerea nya……..????
Cag ah, engke urang sambung deui…
Salam,
Dede
hatur nuhun kang he…he…he…lucu pisan…
Assalamu’alaikum
uluh geuning aya baraya didieu teh…kumaha damng kang
mugia sae, nepangkeun sareung simkuring, jalmi bodo katotoloyo ti bandung hehe
Nuhun ah, salam w kanggo nu dibumi
haturan …wilujeng sumping…
hatur nuhunnya…
Punteun kang….
Bade ngaliwat sakalian promosi sih,,, he2
Salam.
kang dedi ini tinggal di bandung yah…..
Saya juga pernah tinggal dibandung sekitar 14 tahun yang lalu, tapi sayang bahasa sundanya sudah mulai lupa. selamat atas blognya selamat berkarya semoga suksek, silahkan berkunjung ke keluargaabi
Wassalam
#.purnama: makasih dah mampir…
#.keluargaabi cobian deui geura nyarios sunda.. tong sieun-sieunnya…
hatur nuhun…
Assalamu’alaikum
sampurasun dulur…kumaha damang? ngiring leleson yeuh di terasna ah hehe
salam kenal juga, kunjungan balasan, hehehe…
salam kenal ya mas.
makasih udah sowan kerumah sayah.
blog na tak link ya sekalian
hatur nuhun
assalamualaikum…
salam kenal rang bandung dari rang padang
Assalamu’alaikum
Trimakasih dah invite my blog
Assalamu’alaikum
sampurasun, alah punteun yeuh bade ngiring niis hehe.
Nepangkeun yeuh budak baong ti cianjur, kang tambihan ku artikel sunda atuh, da dongeng mah jauh ti he’euh deuket ka bohong he…he… >
aSLm kang dedi ependi.. (namina urang sunda pisan nya’?!! he5x..)
sami wae siga dita euy.. :p
salam kenal kang…
nuhun geus mampir ka blog dt..
*inget2 ama basa sunda lagi nih*
Kumaha Kang Dedi, parantos nincak ka dinten 41 teu acan?
Wilujeung shaum, mugia sing dipasihan kakiatan lahir n bathin.
Wass,
DD
Selamat hari raya Idul Fitri 1428 H
Taqabalallahu minna wa minkum, shiamanaa wa shiamakum…
Mohon maaf lahir dan bathin yaaa…
mani rame.. salam kenal we ah ka sadayana, abdi urang sunda..:) dimana ngilarian dongeng2 sunda baheula nya akang2, teteh2, sadaya..? hatur nuhun
Assalaamu’alaikum Kang..
Salam kenal, blog-na ku abdi tos didaftarkeun dina RSS Feed Agregator di blog abdi.
Hatur nuhun parantos di-link di dieu.
Sakantenan bade ngulem ka bumi nu enggal di http://www.setiabudi.name/
Nuhun sareng wilujeng..
kang abdi mah sanes urang garut
abdi pituin ti bandung 
gentos lay-out siga budak ngora lay-out na hehehe
salam kenal…
Sunda euy…………..
salam kenal dulu deh….
*langsung minggat*
ka sadayana hatur nuhun…..
#ninoy
nu pasti urang sunda kan…
#indra
sawangsulna salam kenal ti simkuring…
#arda
makasih dah mampir…
Sampurasun….. Ngiring ningalan kang, salam pangwanoh ti simkuring
moal lepat, pokonya mah hhhhhhebat lah kangded mah !
chag..ah