jalu… sakedap deui hidep tereh asup ka SD….
kadenya SD-mah beda jeung TK… hidep bakal meunang babaturan anyar, lingkungan anyar, guru anyar jeung hal lain anu ku hidep bakal kaalaman… tapi jalu…hidep tong waswas da lain hidep bae anu bakal ngalaman kitu teh puluhan bahkan ratusan barudak nu lain bakal ngalaman kajadian anu sarua….
jalu… bapa ngawanti-wanti …. cing kahade nya … cing ati-ati nya milampah… da ku jaman ayeunamah tong boro kajelema dewasa, ka barudak oge geuning anu jahatmah neangan lolongkrang pikeun ngaruksak akhlak … bapa mihapekeun anjeun kanu Kawasa oge ka diri anjeun sorangan… cing inget yen lamun milampah salah bakal cilaka jeung lamun milampah bener tangtu salamet…
ti bapa nu mikanyaah anjeun lahir batin….
-
yang sering di baca
- Tidak ada
yang di suka
-
Tulisan Terkini