Si kabayan ngalamun

mitoha si kabayan keuheuleun pisan, sabab si kabayan sok ngalamun wae. di gawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi bari ngalamun komo di pacilinganmah mani beuki anteng ngalamuna teh…

sakali mangsa si kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami di sawah mitohana, si kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh di bawa  kaimah de tembongkeun ka pamajikanana.

“sukur, ka dieu urang kulub, keu si encid (budakna red.)” ceuk pamajikan si kabayan.

“montong” tembal si kabayan, “anggurmah rek di pegarkeun, di pilukeun kana hayam bapa, nu ayeuna keur nyileungleum” tembal si kabayan. ti dinya endog teh di teundeun hareupeunnana bari di taksir.

“kumaha akang wae atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing rek ngisikan heula” ceuk pamajikan si kabayan bari ngajinjing boboko rek ngisikan di pancuran.

si kabayan cingogo di harudum sarung bari nyanghareupan endog. budak mah di antep wae sina kokorondangan dina palupuh, ari manehna anteng ngalamun deui, kieu ngalamuna teh….

“endog teh pasti megar, heug bikang, engke pasti ngendog deui. umpamana wae ngendogna sapuluh terus di pegarkeun deui, megar deui jadi boga sabelas meri tah, pek kabeh ngendog deui, mun endogna sapuluhan jadi boga 110 endog, beuki lila meri teh beuki loba. endogna oge pasti beuki loba. aing rek jadi bandar endog, endog di jualan aing jadi loba duit. duitna di beulikeun domba bikang. domba na baranahan tepi ka aing loba domba, dombana di jual kapasar, terus di beulikeun munding sarakit, munding oge baranahan, aing bakal loba munding… adeuh..huhuy… munding aing mani rendang di sawah…….”

keur kitu, geprak wae endog si kabayan teh di baledog ku pamajikanana tepi ka peupeus, sihoreng endog teh kacingcalang.

“kabayan, cing atuh kana ngalamun teh mani kamalinaan, tuh tenjo si encid mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da di antep wae…”

si kabayan kalahka molotot ka pamajikannana.

“kunaon munding aing di ruksak ku maneh..? rasakeun ieu paneunggeul..” ceuk si kabayan bari ngamang-ngamang sapu.

pamajikan si kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna, bari ngais budak. si kabayan ngudag bari angger ngamang-ngmang sapu.

mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka si kabayan.

“ku naon maneh teh kabayan kawas nu teu eling..”

“bongan munding uing di ruksak ku si iteung..”

“na timana maneh boga munding…?”

“pan tina ngajual ladang endog asal na mah..” tembal si kabayan

“bohong ketang, ngalamun wungkul, barina ge endogna kacingcalang..” si iteung nambalang

“euh kitu..” ceuk mitoha si kabayan..” paingan atuh kebon aing, mani ledug di ranjah munding, ari maneh boga munding mah, hayoh gantian, mun teu di gantian di laporkeun ka pulisi..”

“ampun pa..” ceuk si kabayan ” abdimah teu gaduh bulu-buluna acan munding teh, eta mah lalamunan. hayu iteung urang balik..” si kabayan ngajak balik kapamajikanana.

mitohana gogodeg.

isukna si kabayan dititah ngala kalap ku mitohana, tina sapuluh kalapa, si kabayan bakal di buruhan kalapa sa hulu. si kabayan atoheun pisan, terekel wae naek kana tangkal kalapa rek ngala kalapa nu kolot.

barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina sela-sela dahan kalapa, teng wae ngalamun. 

“buruh ngala kalapa rek di jual, ladangna di beulikeu kana endog hayam, tuluy di pegarkeun, pek di ingu. hayamna beuki loba, endogna ge rea deuih, endog di jual ka pasar, aing jadi bandar endog. tina ladang endog aing rek meuli domba, domba oge ngareaan…. aing jadi bandar domba, tina bati domba aing rek meuli munding… eh ketang moal, moal meuli munding bisi ngaruksak sawah mitoha… ah rek meuli kuda wae. kudana kuda balap.. kuda ustrali nu jangkung tea, aing jokina…plok..plok kudana di lumpatkeun…”

bari ngalamun kitu teh si kabayan reurendeukan dina palupuh kalapa.

“kuda teh beuki tarik lumpatna… horseh kotoplak…kotoplak……” sikabayan beuki motah wae diukna dina palapah kalapa, tepi ka palapah teh pepelenoyan. kulantaran motah teung palapah teh potong, sikabayan ngoleang kabawa ku palapah kalapa. gebrus wae ka balong. untungna kalapa teh sisi balong, si kabayan pipina bared keuna regang awi, sukuna tipalitek, untung teu maot oge.

ti harita sibayana kapokeun deui ngalamun dina tangkal kalapa…..




61 tanggapan untuk “Si kabayan ngalamun”

  1. lucuuuu pisan caritana kang sing seueur atuh carita sundana ambeh lancar basa sundana 😀

    1. urang mana nya abdi teterang da? di sebelah mana nya , sebrangen mana nyaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaa!!!

  2. terus berkarya kang !!, insya4jji dongeng sunda terus lastari, >

    1. luccccccccccccccccccccccccccccuuuuuuuuuuuuuuuuuuuu

      1. sefhira azzahra Avatar
        sefhira azzahra

        lucu apaan ???

  3. haha…..ha..lucu pisan! uing seuri neupika hitut!

    1. sefhira azzahra Avatar
      sefhira azzahra

      tong hitut atuh bisi bujur na soek !!!
      Hahaha………………………..

  4. hahahaaa…. apa baee. . teu ngartos euy . .

  5. kang..lam kenal we ti jang AKUNG nu ti pelabuhanratu tea yeh.

  6. sae pisan tah caritaan teh,ngahibur pisan kangge simkuring nu sok loba ngalamun tah,…. hehehehehe…

    SUPPORT YOUR LOCAL STORY…

  7. sae pisan kang ,janten hiji pelajaran yen janten jalmi mh teu kenging seueur ngalamun…tp kedah bari prakna

  8. Ceuk kolot oge ulah loba ngalamun bisi henteu ngalaman!

  9. ceritakeun si kabayan pake bahasa inggris!

  10. shanti 'nti' ayey Avatar
    shanti ‘nti’ ayey

    ga ngerti bahasa sundanya …
    hahahaha
    pake bahasa indonesia atuh akang .

    1. har..naha bet kitu ? teu ngartos tapi seuri ? kumaha ieu neng santi teh ??
      hhehe…sok atuh mangga di ajar heula neng..

      kangge kang Dedi, nyuhunkeun widina nya ku jisim kuring bade di posting ulang di situs web nu abdhee, kangge koleksi..hhehe

      hatur nuhun nuhun sa teuacanna..

      1. kitu naxch…………………………………………………… barukant………………………….

    2. sefhira azzahra Avatar
      sefhira azzahra

      iya sama aku juga gak ngerti !!!

  11. rameeeeeee euyyyyyy

  12. Adeeuuuhh… emang bodoran nu paling genius euweuh duana ..

  13. adddah…….
    etta si kbayan irha pinter.a nya,,,
    \jhahahah

  14. etta si kbayan iraha pinter.a nya
    jahahahahah

    dhu …

  15. etta si kabayan iraha pinter.a nya
    jhahahahah

    dhu

  16. bahasanya yang indonesia dunk! ga ngerti neeeh!!!! he..he..he

  17. har………… ari kabayan, rek neupi kamana ngalamun teh kang.

  18. he… he…he…..

  19. komo lamun ngadangohkeun drama na si kabayan mah nyakikik nepi ka ceurik

  20. hahaha mangkana tong ngalamun bae geura 😀 xixi

  21. wakakakakakak,,,,,,,,,bener urang sunda mah pinter ngabodorna,,,,dugika ngalamun oge kacandak bodorrrrrr,,,,,,,jiga abdi tukang ngalamun tapi bingung atosna

  22. 😀

  23. 🙂 o.O

    1. 😛 8|

  24. sae pisan kang eta carita teh, kanggo palajaran. bade tumaros ari kabayan sareung astahyamteh naonna?

  25. aduh ieu carita ni pka lucu’en,
    kang,sina loba ngjienan crita kawas kieu th,,sgan w ath ka baca ku pak presiden,,
    hhehehhhehehhe

  26. kocak pisannnn tahhh c kabayan .
    hehehh,,

  27. ekh ieu ceren kocax’
    urang keur neangan crita ya didieu
    hese naengan crtia na
    hy urang snda mnh bga PB teu

  28. 'Nabil Rifat Hakim Avatar
    ‘Nabil Rifat Hakim

    Baguussss dongeng nya……
    makasih ya udah ngebantu aku….. 🙂

    1. si rama mana datang kalamat nudi handap

      Jl.riung purna IV No. 258

  29. wahh ini dah gak bener masa kerja sambil ngalamun

    1. sefhira azzahra Avatar
      sefhira azzahra

      iya yach masa kerja sambil ngelamun !!!
      itumah sudah pelanggaran !!!

  30. nao yan ke urang datang mau apa emang nya ngajak berantam ma saya ayo aku tantang

  31. nuhunnya kang, iyeu nganggo tugas

  32. Alus pisan euy .. Ieu teh kanggo tugas sakola 🙂

  33. hahahahaa

    kang, iyeu arek dipake tugas sakola

    1. sami ah abi ge bade di anggo tugas sakola

      1. sefhira azzahra Avatar
        sefhira azzahra

        ahk abi oge bade tuturut !!!
        Hahaha……………………………..

  34. wiihlucu pisan

  35. panjang geuning ,, tpi wios welaah .. tugas sakola iyeuh 😀

    1. sefhira azzahra Avatar
      sefhira azzahra

      ahk teu panjang !!!
      lamun di leutikan mah !!!
      eyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyyy

  36. . lucu ..lucu

    # o0o

  37. Ceritanya bagus, jadi manusia jangan banyak melamun, nanti masuk setan dalam tubuh kita.

    1. sefhira azzahra Avatar
      sefhira azzahra

      iya yach bener juga !!!

  38. Sae pisan kang dongeng’n

  39. aduh maNI SAE DONGENGNA

  40. aing mah si kehed iraha rek pinterna nya

  41. kocak carita kabayan teh,,meuni kat gurih-gurih nyoy
    Kang ngadameul deui ath caritana ambeh seueur anu minat bacana.

  42. sae kang, di dongengkeun deui ka siswa, sareuseurian… Basa Sundana basajan, siswa Bekasi ge ngalartoseun.


Tinggalkan Balasan ke Mang iman Batalkan balasan